Muhamad Musa, atawa,
mun lengkep jeung gelarna, Radén Haji Muhamad Musa (1822 - 10 Agustus
1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran citak Sunda, ulama, sarta
inohong Sunda abad ka-19.
Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan ménak, anak Radén
Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupatén Limbangan. Munggaran meunang
atikan formal ti pasantrén di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka
Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamaréntah
Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang
kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi
panghulu besar (Wal. Hoofdpanghoeloe) Kabupatén Limbangan nepi ka
maotna.
Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha
perkebunan entéh bangsa Walanda di Cikajang, nu naséhat-naséhatna
ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiangan) ka Pamaréntah Hindia
Walanda diaku/dipercaya pisan.
Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna
jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamaréntah Hindia Walanda dipercaya pisan,
nepi ka ku jasana ka pamaréntah, kungsi dijangjian kalungguhan pikeun
kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle ogé Musa
bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana (boh
pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka rébuan éksemplar di
Jakarta.
Ti antara para putrana, nu kawarisan bakat/ karesep nyerat nyaéta Lasminingrat jeung Kartawinata.
Karya-karyana:
Karya Muhamad Musa pangmashurna nyaéta Wawacan Panji Wulung nu munggaran
dicitak taun 1871. Karya-karya séjénna nu dicitak di antawisna,
* 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
* 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
* 1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
* 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
* 1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
* 1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
* 1872: Wawacan Lampah Sekar;
* 1881: Santri Gagal, Hibat.
Dicandak ti: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar