Rabu, 10 November 2010

Paribasa Sunda

1.adam lali tapel = poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
2.adat kakurung ku iga = adat nu hese digantina
3.adean ku kuda beureum = beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur
4.adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana
5.ngajul bulan ku asiwung = mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan
6.ngadu angklung di pasar = papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba
7.ngadu ngadu rajawisuna = mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong
8.ngagulkeun payung butut =ngagulkeun luluhur sorangan
9.aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian
10.aya jalan komo meuntas =eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun
11.aya bagja teu daulat = arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus
12.aya peurah = aya komara, aya harega, aya pangaji
13.ayakan tara meunang kancra = nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana
14.akal koja = pinter dina kagorengan atawa kajahatan
15.mun teu ngakal moal ngakeul =mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup
16.aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste
17.aku aku angga = ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda - ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan
18.aki aki tujuh mulud = lalaki nu geus kolot pisan
19.alak paul = tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana
20.alak alak cumampaka = resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. - anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya
21.teu puguh alang ujurna = teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna
22.alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna
23.ambek nyedek tanaga midek = ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
24.seukeut ambeu seukeut deuleu = loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi)
25.teu diambeuan teu dipikarisi = teu dipikagimir
26.dipiamis buah gintung = disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat
27.anak merak kukuncungan = sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna
28.anak puputon = anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah
29.anjing ngagogogan kalong = mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun
30.nulungan anjing kadempet = nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima
31.beuteung anjingeun = ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing
32.tikoro andon peso = ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang
33.paanteur anteur julang = silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina
34.aub payung, sabet panon, sabasoba = wewengkon, ngeunaan tanah
35.ngadaweung ngabangbang areuy = ohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih
36.ari umur tunggang gunung = ngen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh
37.asa ditonjok congcot = meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep
38.asa nanggeuy endog beubeureumna = kacida nyaahna
39.asa potong leungeun katuhu = leungiteun jalma nu pohara hade gawena
40.nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha = nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng
41.ngaliarkeun taleus ateul = ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur
42.ati mungkir beungeut = nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu
43.ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan
44.sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna téh diantep teu dipigawe pisan
45.belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula
46.baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera
47.bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun
48.balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari
49.balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate
50.banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras
51.kurung batok teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing diimah bae
52.ulah kabawa ku sakabakaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit
53.ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung
54.nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan
55.bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka
56.totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana
57.jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho
58.kuer nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae
59.teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun
60.kandel kulit beungeut euweuh kaera
61.mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea
62.ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya
63.beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali
64.lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae
65.beureum paneureuy = seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud
66.teu nyaho di alif bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola
67.beurat birit hese jeung sungkan dititah
68.hampang birit gampang jeung adekan dititah
69.ngusap birit, bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya
70.biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur
71.biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian
72.bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana
73.mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang
74.bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas
75.kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah)
76.naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit
77.ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh
78.cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun
79.buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian
80.ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana
81.bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur
82.sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae
83.ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan
84.hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep
85.buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere
86.nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana
87.bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake
88.buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih
89.buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan téh
90.lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona
91.nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita téh salah
92.teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur nafsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae
93.leutik burih euweuh kawani
94.teu busik bulu salambar teu rogreg rogreg, malah unggul dina juritna
95.bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede
96.nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina
97.daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung
98.dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, nagn batina anu diarah kacida leutikna
99.pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae
100.dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna
101.nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji
102.caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangfaat
103.disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda
104.nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna
105.deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian
106.deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya
107.ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar
108.dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
109.teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun
110.paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah
111.jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon
112.jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe
113.jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur
114.jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba
115.ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung
116.loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan
117.aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun
118.jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan
119.jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga
120.meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede
121.sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema
122.jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing
123.jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana
124.jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu
125.jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu
126.leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana
127.jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita
128.nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun
129.asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa
130.moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh
131.cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng naker
132.jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad
133.dogdog pangrewong bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon
134.dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe
135.dosa salaput hulu kacida loba dosana
136.Dulang tinande Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki
137.Duum tinggi Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik
138.Ulah muragkeun duwegan ti luhur Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah
139.Elmu ajug, Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu
140.Elmu sapi Samiuk (ngahiji) kana kagorengan
141.Elmu tumbila Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu
142.Elok bangkong Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae
143.Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea
144.Endog tara megar kabeh Najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna
145.Kawas hayan keur endogan Ciling cingcat bae, teu bisa cicing
146.Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang
147.Nangkeup mawa eunyeuh Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang
148.Cara gaang katincak Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan
149.Galehgeh gado Darehdeh tapi henteu terus kana hate
150.Jauh jauh panjang gagang Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil
151.Sagalak galakna macan taru nyatu anakna Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak
152.Ngagandong kejo susah nyatu Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah téh
153.Gancang pincang Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna téh teu nyugemakeun
154.Gantung denge Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun
155.Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan
157.Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade
158.Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae
159.Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng
160.Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng
161.Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana
162.Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona
163.Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug
164.Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki
165.Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga
156.Nyium bari ngegel 1. Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2. salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna
166.Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat
167.Pagirang girang tampian Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan
168.Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina
169.Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu moal baka; kasorang
170.Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lakuna
171.Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna
172.Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan
173.Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun
174.Teu gugur teu angin Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren
175.Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna
176.Gurat batu Pageuh kana jangji
177.Taya halodo panyadapan Terus bae digelendeng atawa dicarekan
178.Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun
179.Handap lanyap Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun
180.Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon
181.Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan
182.Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan
183.Getas harupateun, pinggeus harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur
184.Harus omong batan goong Beja téh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja
185.Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean
186.Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina
187.Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur
188.Saherang herangna cai beas Galibna hate téh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang
189.Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan
190.Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena
191.Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare hare bae
192.Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan
193.Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang téh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon
194.Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina
195.Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu téh rejeki halal atawa haram
196.Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen
197.Hirup dinuhun paeh dirampes Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon
198.Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah
199.Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana
200.Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung
201.Nyanghulu kajarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina
202.Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana
203.Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae
204.Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus
205.Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan)
206.Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata. Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
207.Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
208.Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
209.Ipis kulit beungeut. Gede kaera.
210.Pakotrek iteuk. Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
211.Iwak nangtang sujen. Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
212.Miyuni hayam kabiri. Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
213.Legok tapak genteng kadek. Loba luangna, loba pangalamanana.
214.Ngadek sacekn, nilas saplasna. Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
215.Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
216.Ginding kakampis Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
217.Ngarep ngarep kalangkang heulang. Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
218.Kalapa bijil ti cungap. Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
219.Mere langgir kalieun. Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
220.Kai teu kalis ku angin. Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
221.Tinggar kalongeun. Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
222.Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
223.Ngarep ngarep bentang ragrag. Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
224.Buntut kasiran. Koret.
225.Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
226.Kawas kacang ninggang kajang. Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
227.Kejo asak angeun datang. Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
228.Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung. Ulah sok bosenan ari ka pamajikan téh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot téh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
229.Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan. Ngahamina carita tukang wadul.
230.Sakecap kadua gobang. Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
231.Ninggang kekecrak. Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
232.Ngeupeul ngahuapan maneh. Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
233.Keur meujeuhna bilatung dulang. Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
234.Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita. Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
235.Sakririciking duit sakocopoking bogo. Naon bae anu matak narik kana hate urang.
236.Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
237.Kiceupna sabedug sakali. Pohara lungguhna.
238.Ngodok liang jero. Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
239.teu beunang dikoet kunu keked. Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
240.Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran. Anu samumur umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
241.Kokoro Nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. Kacida miskina.
242.Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak. Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
243.Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
244.Ngadagoan kuah beukah. Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu)
245.Kawas kuda leupas ti gedogan. Bingung ku kamerdekaan, terus sakama kama nganteur kahayang, ngalajur nafsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
246.Kujang dua pangadekna. Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
247.Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
248.Kudu bisa ngeureut neundeun. Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
249.Kudu boga pikir kadua leutik. Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
250.Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak. Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
251.Kulak canggeum Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
252.Kaciwit kulit kabawa daging. Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
253.Kumaha bule hideungna bae. Kumaha engke bae buktina.
254.Kunang kunang nerus bumi. Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
255.Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
256.Rumbak kuntieun. Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
257.Anal merak kukuncungan. Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
258.Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging. Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
259.Kuru cileuh kentel peujit. Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
260.Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
261.Sibanyo laleur. Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
262.Landung kandungan laer aisan. Gede timbanganana, gede pangampurana.
263.Halodo sataun lantis ku hujan sapoe. Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
264.Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra. Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
265.Herang caina beunang laukna. Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
266 Kawas lauk asup kana bubu. Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
267.Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan. Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona.
268.Ceuli lentaheun. Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja téh bener henteuna.
269.Nete porot ngeumbing lesot. Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
270.Heurin ku letah. Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
271.Manan Leweh mending waleh. Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
272.Leubeut buah hejo daun. Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
273.Leuleus Jeujeur liat tali. Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
274.Paheuyeuk heuyeuk leungeun. Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
275.Leunggeuh cau beuleum. Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
276.Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung. Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
277.Satengah buah leunca. Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
278.Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
279.Leuteik ringkang gede bugang. Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
280.Leutik cahak, gede cohok. Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
281.Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet. Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
282.Mangpengkeun kuya ka leuwi. Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
283.Ngaliarkeun taleus ateul. Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
284.Lieuk euweuh ragap taya. Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
285.Kawas anjing kadempet lincar. Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
286.Lodong kosong ngelentrung. Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
287.Nimu luang tinu burang. Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
288.Luhur kuta gede dunya. Gagah tur beunghar taya kakurang.
289.Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
290.Lungguh tutut. Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
291.Luncat mulang. Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
292.Ulah cara ka malati kudu cara ka picung. Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
293.Maliding sanak. Hanteu adil, pilih kasih.
294.Daluang katinggang mangsi. Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
295.opo memeh munggang. Hoream, teu sanggup samemeh prak.
296.Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
297.Moal ceurik menta eusi. Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
298.Monyet kapalingan jagong. Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
299.Cacag nangkaeun. Hanteu beres , hanteu rata.
300.Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan. Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
301.Teu aya sarebuk samerang nyamu. Teu aya saeutik eutik acan.
302.Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
303.Maut nyere ka congona. Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
304Nyeri beuheung sosonggeteun. Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
305.Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
306.Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait. Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
307.Hade ku omong goreng ku omong. Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
308.Omong harus batan goong. Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab téh leuwih hebat batan aslina
309.Owah gingsir. Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
310.Uyah tara tees kaluhur. Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
311.Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
312.Saumur nyunyuhun hulu. Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
313.Asa ditumbu umur. Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
314.Ngadagoan uncal mabal. Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
315.Papadon los ka kolong. Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
316.Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum. Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
317.Sengserang padung. Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
318.Marebutkeun paisan kosong. Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
319.Teu mais teu meuleum. Teu pipilueun teu aya patalina naon naon.
320.Pait daging pahang tulang. Carang gering.
321.Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung. Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
322.Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
323.Cecendet mande kiara. Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
324.Ulah pangkat memeh jeneng. Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
325.Sagolek pangkek sacangreud pageuh. Hanteu cidra kana jangji.
326.Seuneu hurung dipancaran. Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
327.Mapay ka puhu leungeun. Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
328.Nincak parahu dua. Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
329.Tunggul diparud catang dirumpak. Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
330.Dihin punasti anyar pinanggih. Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
331.Pacikrak ngalawan merak. Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
332.Pelengkung bekas nyalahan. Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
333.Saungkab peundeuy. Omongan anu pondok tur kurang manis.
334.Meungpeun peureum ku ayakan. Nyaho yen batur téh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
335.Meungpeung teugeu harianeun. Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
366.Nyaliksik ka buuk leutik. Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
367.Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
368.Nyalindung ka gelung. Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape.
369.Kawas hayam panyambungan. Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
370.Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang. Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
371.Asa nyanghulu ka jarian. Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
372.Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
373.sangsara di geusan betah. Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
374.Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah. Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
375.Langsung saur bahe carek. Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
376.Nete semplek nincak semplak. Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
377.Sereg dibuana logor diliang jarum. Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
378.Seuneu hurung cai caah. Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
379.Nyeungeut damar di suhunan Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih.
380.Nyeungseurikeun upih ragrag. Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
381.Seuseut batan neureuy keueus. Hese pisan.
382.Hurung nagtung siang leumpang. Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep ngaginding.
383.Nyiar batuk piaraheun. Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
384.Teu dipiceun sasieur. Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan
385.Aya di sihung maung. Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
406.Kawas nanggeuy endog beubeureumna. Nyaah teu aya wates wangena, balukarna paur bae nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaah tea pinanggih jeung kasusahan.
407.Nangtung kariung ngadeg karageman. Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
408.Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
409.Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju. Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
410.Teu ditari teu ditakon. Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
411.Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi. Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
412.Nepakeun jurig pateuh. Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang téh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
413.Nete taraje, nincak hambalan. Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
414.Nete semplek nincak semplak. Kieu salah kitu salah.
415.Katempuhan buntut maung. Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
416.Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur téh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
417.Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun. Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
418.Neundeun piheuleut nunda picela. Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
419.Jogjog neureuy buah loa. Milampah anu moal pihasileun.
420.Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah. Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
431.Katumbukan catur kadatangan carita. Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
432.Kaceluk ak awun awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara Kawentas pisan, kawentar kamana mana
433.Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur. Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan
434.Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila laila jadi bisa.
435.Cicing dina sihung maung. Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
436.Clik putih clak herang Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
437.Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
438.Nyolok mata buncelik. Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
439.Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna. Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
440.Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
441.Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
442.Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara
443.Tunggul sirungan, catang supaan. Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
444.Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait. Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
445.Bilih aya tutus bengkung. Bisi salah pokpokanana.
446.Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.
447.Kawas wayang pangsisina. Ngeunaan ka jelema , goreng rupana.
448 Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan. Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
449.Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian
450.Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang. Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
386.Jati kasilih ku junti. Pribumi kaelehkeun ku semah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah.
387.Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung. Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
388.Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
389.Kawas nu mulangkeun panyiraman. Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
390.Kawas siraru jadi. Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
391.Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
392.Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa
393.Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
394.Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
395.Bluk nyuuh blak nangkarak. Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
396.Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
397.Deukeut deukeut anak taleus. Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya.
398.Ngaliarkeun taeus ateul. Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea.
399.Seukeut tambang manan gobang. Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
400.Tamiang meulit ka bitis. Meunang wirang ku lantaran ngucah ngaceh rasiah batur.
401.Pagirang girang tampian. Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
402.Pida cai pindah tampian. Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
403.Tamplok batokeun. Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
404.Gede gunung pananggeuhan. Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
405.Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna. Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
336.Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
337.Peureum kadeuleu beunta karasa. Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
338.Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban. Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
339.Sabobot sapihanean. Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
340.Gindi pikir belang bayah. Boga pikiran goreng ka papada kawula.
341.Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
342.Neukteuk curuk dina pingping. Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
343.Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
344.Mipit teu amit ngala teu menta. Maling boga batur.
345.Miceun batok meunang coet. Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
346.Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
347.Puasa manggih lebaran Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
348.Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
349.Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu. Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
350.Mupugkeun tai kanjut. Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
351.Puraga tamba kadengda. Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
352.Nyieun pucuk ti girang. Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
353.Hapa hapa ge ranggeuyan. Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
354.Teu boga pikir rangkepan. Teu boga curiga saeutik eutik acan.
355.Raweuy beuweungeun rambay alaeun. Loba dahareun da loba pepelakan
356.Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan. Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
357.Uncal tara ridu ku tanduk. Duduluran karumpul kabel.
358.Kawas budak rodek hulu. Teu ngupama, teu ngajenan, teungahargaan pisan.
359.Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan. Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
360.Pada rubak sisi samping. Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
361.Piruruhan katengahimahkeun. Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
362.Rusuh luput gancang pincang. Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
363.Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan. Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
364.Taya halodo panyadapan. Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan.
365.Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah. Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
421.Tiis ceuli herang mata Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
422.ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup. Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
423.Tipu keling ragaji Inggris. Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
424.Titirah ngadon kanceuh. Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
425.Kumaha kejebur caina geletuk batuna. Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
426.Nyicikeun cai, murulukeun lebu. Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
427.Cangkir emas eusi delan. Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
428.Teu cari ka Batawi tapi ka salaki. Hakan pake hayang ti salaki.
429.Rumbak caringin di buruan. Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
430.Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang. Wiwirang nau pohara gedena.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar