Rabu, 10 November 2010

Sisindiran

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngadung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
ti: wikipedia sunda

conto sisindiran ti nuju SD heuheu *nyereblak saur téh nenengmah

Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan

Ari payung payung Jepang,
keur Jepang di ka parakeun,
Ari jauh hoyong tepang,
geus tepang disapirakeun.

Hayang iuh make payung,
kumaha mukakeunana,
Hayang wawuh jeung nu pundung,
kumaha ngupahanana.



Aturan:
Punteun thread ieu mangga di reply ku sisindiran wungkulnya, tong ngacapruk ka nu sanes, hapunteun pami sanes sisindiran bade di delete bae.
Derr ah!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar