Rabu, 10 November 2010

Pencak Silat / Maen Po

Pencak Silat mangrupi kesenian Sunda anu tos pohara kakoncara ka sa alam dunya, nagara² Barat sareng Timur Tengah parantos seueur anu diajar Pencak Silat atanapi Maen Po ka Indonesia

Nu di terang Ku Abdi, 2 aliran Asli nu ageung pangaruhna kana Persilatan Indonesia hususna Pasundan nyaeta CIMANDE sareng CIKALONG, Puguh deui saleresnamah ti Garut ge aya mung Aliran nana sapertos mangrupi Aliran turun timurun anu heunteu di Abarkeun sapertos nu sanes na [ sanes kitu kang sareng teteh ? ehehehehehe ]

Pami kana teknik na nya eta aya 2 teknik nu di anggo, nyaeta KARI sareng MADI. KARI mangrupi gerakan² penca anu di anggo kalawan ngagunakeun tanaga anu ngadu deui kanu tanaga, pami MADI langkung caket anu ka uninga sapertos TAICHI atanapi AIKIDO, anu nganggo tanaga lawan pikeun ngabalik nyerang. Dina wangkid ayeuna seueur perkumpulan perguruan Pencak Silat anu mangrupi-rupi namina, teu tiasa di sebat hiji², mung upami kana Aliran ASLI atanapi pucuk na tina MAEN PO sapertos na teu aya perguruan anu leres² tina Aliran Murni MAEN PO

Salian kanggo bela diri, penca ge aya kesenian sanesna sapertos kendang penca sareng kembang na, anu tiasa di sarengan ku kendang, kacapi & suling. Tos langki pisan ayeuna anu meta keun Kembangan dina hajatan atanapi raramean.

Menurut sim kuring, naha urang Sunda ayeuna masih tiasa ngajagi eta Budaya ti kahurun urang? nga bagi² ka barudak Priangan anu sa estuna urang Sunda? sapertos THAIBOXING anu di ajarkeun ka sadayana penduduk Thailand bade pameget atanapi istri, naha pamor penca masih eleh ku KARATE sareng TAEKWONDO ? tos janten tanggung jawab urang sunda nyalira anu kedah mupusti kana kabudayaan na nyalira.

Hapunten bilih aya lepat² ngetik, nyuhunkeun koment sareng pangleresna kanu langkung uninga, pami tiasa urang tambihan Bahasan MAEN PO dina THREAD ieu

hatur nuhun pisan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar